Juz 1: 1. Al-Fatihah (Bubuka), ayat 1-7 diwahyukeun di Mekah saba'da Surat al-Muddatstsir
1. Kalayan asma-Na Allah Nu Maha Welas tur Maha Asih.
2. Sadaya puji kagungan Allah, Pangeran Nu Murbeng sadaya alam.
3. Nu Maha Welas Tur Maha Asih.
4. Nu ngawasa dinten wawales.
5. Mung ka Gusti abdi sadaya ibadah, sareng mung ka Gusti abdi sadaya neda pitulung.
6. Mugi abdi sadaya dipaparin pituduh kana jalan anu lempeng.
7. (Nyaeta) jalan jalma-jalma anu ku Gusti parantos dipaparin ni'mat, sanes jalan jalma-jalma anu dibendon ku Gusti, sareng sanes jalan jalma-jalma anu salasar lampah.
Tarjamah Basa Sunda Prof. DR. H.M. Djawad Dahlan
0 komentar:
Posting Komentar